15/06/2016
ﻗَﺪْ ﺃَﻓْﻠَﺢَ ﻣَﻦْ ﺯَﻛَّﺎﻫَﺎ
ﻭَﻗَﺪْ ﺧَﺎﺏَ ﻣَﻦْ ﺩَﺳَّﺎﻫَﺎ
“ Saestuna bagja pisan jalma anu
meresihan dirina, jeung cilaka
pisan anu ngotoran dirina”.
Dina tafsirna, Al-Baghawi
ngajelaskeun jalmi anu
ngabersihkeun dirina nyaeta anu
ngomean sareng mawa dirina
kana to’at ka Allah, sedengkeun
jalmi anu ngotoran dirina nyaeta
anu ngareksak, nyasarkeun sarta
mawa dirina kana ma’siat.
Saupami urang uninga, yen bekel
anu tiasa nyalametkeun urang
jaga di akherat nyaeta mung amal
anu didadasaran ku hate anu
beresih, maka tos sawajarna
pikeun urang kangge
merhatoskeun kaberesihan hate
ieu. Dina du’a Nabi Ibrohim AS
kauninga yen jalmi-jalmi anu moal
kenging kahinaan engke dina
poe kiamat nyaeta jalmi-jalmi anu
madep ka Allah bari nyandak hate
anu beresih .
ﻭَﻻ ﺗُﺨْﺰِﻧِﻲ ﻳَﻮْﻡَ ﻳُﺒْﻌَﺜُﻮﻥَ
ﻳَﻮْﻡَ ﻻ ﻳَﻨْﻔَﻊُ ﻣﺎﻝٌ ﻭَﻻ
ﺑَﻨُﻮﻥَ ﺇِﻻَّ ﻣَﻦْ ﺃَﺗَﻰ ﺍﻟﻠَّﻪَ
ﺑِﻘَﻠْﺐٍ ﺳَﻠِﻴﻢٍ
“ Sareng mugi Gusti henteu
ngahinakeun abdi dina poe
(jalma-jalma) dihudangkeun,
nyaeta dina poe harta sarta
budak-budak henteu aya gunana,
kajaba jalma anu madep ka Allah
kalayan hate anu beresih” (Asy-
Syu’ara’: 87-89).
Hate anu bersih ngalahirkeun
amal anu didadasaran ku
kaikhlasan sanaos amal eta
katingalna alit. Saageung sareng
saseueur kumaha wae amal anu
dipidamel, saupami henteu
dibingkai ku kaikhlasan sareng
henteu lahir tina kaayaan hate
anu bersih, maka amal eta bakal
alit nilaina dipayuneun Allah SWT.
Nanging sakumaha alitna hiji
amal, saupami amal eta lahir tina
kaikhlasan, tina kaayaan hate anu
bersih, maka eta amal bakal
ageung nilaina dipayuneun AllahSWT