15/01/2026
Béjana baheula mah, méméh taun 1950-an, pagelaran wayang golék cukup ku dalang jeung panayagan, teu ieuh maké sindén. Cukup ku haleuang dalang dina mangsa kakawén atawa ngarayuda. Sabada dilalanyahan maké sindén, tayohna malah jadi leuwih genaheun. Pagelaran jadi lengkep. Ti saprak harita, sindén dibutuhkeun pisan dina pagelaran wayang.
Demi anu ngamimitian maké sindén téh nyaéta dalang Baradja anu disindénnan ku Nyi Arwat. Saméméhna, sindén dina wayang téh disebutna 'ronggeng'. Ka dieunakeun mah sesebutan ronggéng téh diganti ku sindén, atawa kapasindénan. Kecap ronggéng mah teu merenah dipakéna, kajaba pikeun 'penari' jaman harita.
Malah, unggal dalang miboga sindén petingan minangka kokojona. Contona, dalang Partasoewanda, sindénna Nyi Arnesah; dalang Tarkim sindénna nya éta Nyi Gagak (Kasijah); dalang Soekatma sindénna Nyi Iti; dalang Atmadja Tjigebar disindénnan ku Nyi Dasimah; dalang Entah sindenna Nyi Warnasari; dalang Elan Gedébagé sindenna Nyi Amah, dalang Tarjat Gandasoli sindénna Nyi Euis, jeung réa-réa deui.
Ka dieunakeun, prah bae pagelaran wayang téh kudu maké sindén.(*)