Beauty Lashes

Beauty Lashes Salah satu tempat yang berada di wilayah kabupaten sukabumi paling selatan Eta tempat teh ngarana nyaeta SURADE. Kumaha asal muasal ngaran eta tempat teh.

Sakiduleun kota Sukabumi aya hiji tempat anu rada kajojo ku jalma – jalma anu resep pelesiran. Reana jalma nu datang ka eta tempat ku sabab genah tur seger hawana, katambah aya hiji tempat pikeun pelesiran nyaetaUjung Genteng. Kieu geura : ceuk sakaol carita baheula aya hiji sepuh anu luhung ku elmu, jembar ku pangabisa, sugih ku pangarti, saciduh metuh saucap nyata. Eta sepuh teh wastana EYANG MA

S ARYA SANTRI DALEM anu katelah namah EYANG CIGANGSA. Eyang Cigangsa kagungan saderek istri anu wastana NYI MAS SURADEWI. Anjeuna kacida nyaah tur deudeuhna sabab kana sagal piwuruk teu wurung diturut, hirup teu lepas tina aturan, itungan jeung ugeran. Ari pangawakan Nyi Mas Suradewi, geulis kawanti – wanti, endah kabina – bina, estu geulis bawa ti ajali endah bawa ti kudratna. Keuna kana babasaan :
Rambut galing muntang
Taar teja mantrangan
Halis ngajeler paeh
Soca cureuleuk seukeut
Pangambung kuwung – kuwungan
Damis kadu sapasi
Waos gula gumantung
Taktak taraju emas
Panangan beuntik ngagondewa
Ramo racut mucuk eurih
Angkeng lengkeh lir papanting
Bitis jaksi sajantung
Pakulitan hejo carulang
Mun seung leumpang lir macan teunangan.
'Kitu kaayaan Nyi Mas Suradewi. Sok sanajan can rimbitan, Nyi Mas Suradewi geus bubuara di hiji tempat anu teu pati jauh ti lembur cigangsa. Kabungkus ku pasipatanan, di eta lembur anjeuna di angkat jadi pamingpin. Dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara estuning pikayungyunen teu cueut kanu hideung teu ponteng kanu koneng estuning adil, jujur tur bijaksana. Atuh kaayan eta lembur jadi subur makmur gemah ripah repeh rapih. Dina keur meujeuhna hejo lembok raweuy beuweungeun reumbay alaeun, sepi paling towong rampog taya begal ngalalana, Nyi Mas Suradewi ngumpulkeun para abdi katut rahayatna. Anu maksud jeung tujuanana anjeuna seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula. Sabab anjeuna bade nyumponan pangangkir nu jadi dulurna nyaeta Eyang Santri Dalen di cigangsa. Saur Nyi Mas Suradewi :

“Para abdi katut rahayat sakabeh ngahaja ku kaula dikumpulkeun anu maksud jeung tujuanana, kaula seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula, sabab kaula bade nyumponan pangangkir nu jadi saderek nya eta Eyang Santri Dalem di cigangsa. Kade salila ditinggalkeun sing carincing pageuh kancing, sing saringset pageuh iket, bisi aya hiji hal nu teu di piharep.”
Harita keneh anjeuna miang ninggalkeun ta lembur. Takdir teu beunang di pungkir. Kadar teu beunang di singlar, di satengahing perjalanan waktu keur meuntas di walungan Cigangsa anjeuna palid kabawa caah nepi kahanteuna jasadna dipulasara di eta lembur anu teu pati jauh ti cigangsa. Waktu ker ngadenge yen anu jadi pamingpina geu taya dikieuna, sakabeh rahayatna ngumpul bari sedih kingkin sarta leuleus tur lungse, lir kapuk ka ibunan lir kapas kahujanan. Dina keur kaayaan kitu, datang Eyang Cigangsa ka eta lembur anjeuna biantara. Saur Eyang Cigangsa :

“Para abdi katu rahayat pangeusi ieu lembur, ngahaja ku Eyang dikumpulkeun, anu lain waktu anu maksud jeung tujuanana, pamingpin aranjeun geus taya dikieuna, urang ngaranan we ieu tempat teh SURADE. Nyaeta itung – itung pangeling – ngeling ngalap ngaran hiji pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana. Para abdi katut rahayat pangeusi eta lembur nyatujuan kana kaputusan eyang Cigangsa. Tah ti harita ngaran eta tempat teh katelahna SURADE, nyaeta keur pangeling – ngeling ka hiji pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana. Sumber : Dinas P dan K Surade - Kabupaten Sukabumi
caption : situs cigangsa

10/01/2015

Surade Awan Cerah

Jaga Lingkungan Alam demi anak cucu kita
12/11/2014

Jaga Lingkungan Alam demi anak cucu kita

Untuk menopang tempat wisata di Jawa Barat diperlukan bandara-bandara penunjang atau bandara shuttle selain Bandara Inte...
10/11/2014

Untuk menopang tempat wisata di Jawa Barat diperlukan bandara-bandara penunjang atau bandara shuttle selain Bandara Internasional Jawa Barat (BIJB) Kertajati untuk mempermudah akses transportasi.

Kepala Badan Perencanaan Pembangunan Daerah (Bappeda) Jawa Barat, Deny Juanda menuturkan, Wakil Gubernur Jawa Barat, Deddy Mizwar kini tengah giat untuk memperkenalkan potensi wisata di Jawa Barat. Sedikitnya ada 10 lokasi wisata unggulan di Jawa Barat menjadi prioritas Deddy Mizwar.

"Dengan begitu tentu kita membutuhkan shuttle," jelas Deny kepada wartawan, Selasa (14/1/2014).

Kendati begitu, Pemprov Jabar belum bisa merealisasikan Bandara Citarate dalam waktu dekat. Deny menuturkan, pihaknya masih fokus membangun BIJB Kertajati serta membenahi Bandara Nusawiru Pangandaran. Setelah dua bandara tersebut tuntas, Pemprov bakal melanjutkan pembangunan ke Bandara Citarate.

"Kalau untuk Citarate bandara perintisnya. Kita akan besarkan dan diluaskan lagi. Tapi itu nanti sekarang masih dirumuskan," tutur Deny.

Sebagai langkah awal, pihaknya akan melakukan penelusuran terhadap lahan bandara Citarate. Seperti lahan tersebut milik siapa dan bersertifikat atau tidak sehingga proses pengembangannya mudah dilakukan.

"Karena seperti Nusawiru, kita baru tahu kalau lahan tersebut milik para carik desa begitu juga di Kertajati. Jadi bukan lahan milik kita (Pemprov Jabar). Makanya kita coba ganti agar sepenuhya menjadi milik kita," ucap dia.

Pemprov akan mencoba menawarkan ke investor guna mengembangkan Bandara Citarate. investor bisa masuk sejak awal pembangunan karena saat ini pun Pemprov belum memasukkan Citarate dalam salah satu program di 2014.

"Kita coba tawarkan karena di sana ada tempat wisata penyu di Ujung Genteng," tutup Deny. [rni]

http://www.inilahkoran.com/read/detail/2064516/pemprov-akan-aktifkan-bandara-citarate-sukabumi

www.inilahkoran.com

10/11/2014

Selamat malam warga surade

07/11/2014

Surade, Gerimis pagi ini

06/11/2014

Apa yang anda tau dan anda lihat tentang surade, upload jepretan mu dan posting yang kamu dapat kabar di hari ini

Address

Jawa
43179

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Beauty Lashes posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share