Halaman sunda

Halaman sunda Halaman sunda ciamis agamis agraris jeung puitis.

05/07/2022

LALAKON BUBARNA HIJI GRUP WA

Mimitina aya guneman kieu, sabada Sari asup jadi anggota.
😃 Abah Dèdi
Wilujeng gabung Sari, mugia teras bumetah.
😊 Sari
Hatur nuhun, Bah Dèdi. Nyuhunkeun apinganana wè, apan abdi mah anggota ènggal.
🤠 Abah Dèdi
Ih, kantenan. Husus kanggè salira mah, sanès waè apingan, nu sanèsna ogè mo burung dikorètkeun.
😉 Agus Mulyana
Wilujeng tepang Sari, sok sanaos tepangna ukur dina grup. Mugia wè dina hiji mangsa mah, urang tiasa paamprok jonghok.
Dimana linggih tèh?
😊 Sari
Nuhun, Kang Agus. Ayeuna Sari linggih di Bogor, saprak pun bapa sareng pun biang ngantun, di rorompok tèh cuang-cieung, da mung abdi nyalira.
😘 Indra Budiman
Ih, geuning mani luasan cuang-cieung nyalira? Kumaha upami ku akang disarengan?
😊 Sari
Bingah pisan, Ang Indra. Iraha-iraha diantos di Bogor atuh.
😎 Cècèp
Asiiiik ....
Ulah Kang Indra waè nu diangkir tèh, da abdi gè sami hoyong silaturahmi ka bumi salira.
😊 Sari
Mangga tèh teuing, Kang Cècèp. Sasaha ogè nu seja silaturahmi mah ku Sari diantos di Bogor.
😋 Abah Dèdi
Abah gè hoyong silaturahmi ka Bogor ah, sakantenan badè balanja tas di Tajur. Sari seneng tas?
😊 Sari
Ah, ulah ngarèpotkeun Abah.
🤓 Abah Dèdi
Bilih nyasar upami Abah ka Bogor, nya saha jenengan lengkep salira tèh?
😊 Sari
SARIFUDIN, Abah.
Abah Dèdi kaluar ti grup.
Agus Mulyana kaluar ti grup.
Indra Budiman kaluar ti grup.
Cècèp kaluar ti grup.
Kabèh admin kaluar ti grup, tinggal Solèh sorangan, kadua Sari.
😊 Sari
Naha Kang Solèh teu ngiring kaluar?
☺ Solèh
Akang mah badè husnudzon wè, manawi sosobatan urang, sok sanaos dina dunya maya tiasa langgeng sareng aya hikmahna.
😊 Sari
Alhamdulillah. Saleresna tadi teu acan tamat ngawakcakeun wasta tèh, da saleresna mah abdi tèh wanoja, wasta lengkepna Siti Badriyah Sarifudin. Ari Sarifudin mah jenengan pun bapa. Ayeuna abdi di Bogor tèh nyorangan, da sadikantunna ku pun bapa sareng pun biang, pun lanceuk gè teras ngiles duka ka mana. Tos sapuluh taun carogè abdi ngilesna tèh. Mudah-mudahan wè Kang Solèh tiasa janten gegentos carogè, muhun janten imam Sari.
☺ Solèh
Alhamdulillah ...
😊 Sari
Upami jenengan lengkep Kang Solèh tèh saha?
☺ Solèh
SITI SOLÈHA!
Sari kaluar ti grup. Tinggal Solèh, cuang-cieung nyorangan.
😂😂😂 🙈 🙈 😝😜

Twibbon urang sunda
07/06/2022

Twibbon urang sunda

Babarengan ngamumulé basa jeung budaya sunda

15/05/2022

Tong hilap sarapan heula lur !
Amèh kuat nyanghareupan kamyataan

15/05/2022

Urang Sunda Ngajomantara Waktuna Sunda Mendunia

21/04/2022
29/12/2020

Sunda

10/12/2020

Halaman Rahasiaku

29/05/2017

Adul: "Haloow dengan radio Jugala?"

Penyiar: "Betul, dgn siapa dimana nih..?"

Adul : "Adul di Tanjungsari... mau titip salam, utk Kang Eman yg sdg ngeu'eum, Kang Memet yg sdg nguseup, utk yayang Rina yg sdg ngoréd. Mau rikwes nih Kang?"

Penyiar: "Sok bisa...mau di-puterkeun naon?"

Adul: "Pang muterkeun Adzan Magrib lah, geus teu kuat yeuh!!"

Penyiar : "...dasar sarap.. (neurey tlpon)

Haha te lucu nya..?

16/05/2017

.Assalamu'alaikum wrwb
Sae pisan kanggo lenyepeun sareng pepeling urang sadayana ;

DUA PULUH AMANAH KOLOT
1. Sholat awal waktu
2. Ulah eureun néangan elmu
3. Ulah nyia-nyiakeun waktu.
4. Ulah eureun néangan babaturan
5. Pertahankeun Aqidah anu Murni
6. Lamun hayang maju ulah eureun mikir
7. Lamun hayang maju kudu daék capé
8. Ulah embung disebut bodo
9. Ulah embung disebut sahandapeun
10. Sagala nu tumiba ka diri gara-gara diri
11. Ubar diri aya di diri
12. Euweuh nu nyaah kana diri kajaba anu boga diri
13. Harga diri kumaha diri
14. Ari ngitung kudu ti hiji ulah ujug-ujug angka salapan
15. Mun keur nyieun pondasi tong sok waka mikiran kenténg
16. Sanajan teu lumpat tapi ulah cicing
17. Sagedé-gedéna jalan syaré'at ulah matak ngurangan tawakkal ka Alloh
18. Tong leumpang dina hayang, tong cicing dina embung, tapi kudu lempang dina kudu, kudu eureun dina ulah
19. Tong lésot haté tina éling ka Alloh dina kaayaan kumaha waé, sedih, susah jeung bungah
20. Sarébu sobat saeutik teuing, hiji musuh loba teuing.

Mugi katampi tur aya guna sinareng manfaatna eta amanah tisepuh urang,kanggo bekel ngajalanan hirup didunia sangkan salamet dunia salamet akherat
Wassalam.

13/04/2017

Ajaran Ki Sunda dikutip tina naskah kuno Siksa Kanda ing Karesian.

Teguhkeun, pageuhkeun sahinga ning tuhu, pepet byak ta warta manah, mana kreta na bwana, mana hayu ikang jagat kena twah ning janma kapahayu.

Kitu keh, sang pandita pageuh kapanditaanna, kreta; sang wiku pageuh di kawikuanna, kreta; sang ameng pa geuh di kaamenganna, kreta; sang wasi pageuh dikawal kaanna, kreta; sang wong tani pageuh di katanianna, kreta; sang euwah pageuh di kaeuwahanna, kreta; sang gusti pageuh di kagustianna, kreta; sang mantri pageuh di kamantrianna, kreta; sang masang pageuh di kamasa nganna, kreta; sang tarahan pageuh di katarahanna, kre ta; sang disi pageuh di kadisianna, kreta; sang rama pa geuh di karamaanna, kreta; sang prebu pageuh di kapre buanna, kreta.

Nguni sang pandita kalawan sang dewarata pageuh ngretakeun ing bwana, nya mana kreta lor kidul wetan sa kasangga dening pretiwi sakakurung dening akasa, pahi manghurip ikang sarwo janma kabeh.

Naskah Wastukencana diatas diterjemaahkan, sebag*i berikut :
Teguhkeun, kukuhkan batas-batas kebenaran, penuh kan kenyataan niat baik dalam jiwa, maka akan sejah teralah dunia, maka akan sentosalah jagat ini sebab perbuatan manusia yang penuh kebajikan.

Demikianlah hendaknya. Bila pendeta teguh dalam tu gasnya sebag*i pendeta, akan sejakhtera. Bola wiku te guh dalam tugasnya sebag*i wiku, akan sejakhtera. Bila manguyu teguh dalam tugasnya sebag*i akhli gamelan, akan sejakhtera. Bila paliken teguh dalam tugasnya se bag*i akhli seni rupa, akan sejahtera. Bila ameng teguh dalam tugasnya sebag*i pelayan biara, akan sejakhtera. Bila pendeta teguh dalam tugasnya sebag*i pendeta, akan sejakhtera. Bila wasi teguh dalam tugasnya seba g*i santi, akan sejakhtera. Bila ebon teguh dalam tugasnya sebag*i biarawati, akan sejakhtera. Bila pendeta teguh dalam tugasnya sebag*i pendeta, akan sejakhte ra. Demikian p**a bila walka teguh dalam tugasnya sebag*i pertapa yang berpakaian kulit kayu, akan sejahte ra. Bila petani teguh dalam tugasnya sebag*i petani, akan sejakhtera. Bila pendeta teguh dalam tugasnya se bag*i pendeta, akan sejakhtera. Bila euwah teguh da lam tugasnya sebag*i penunggu ladang, akan sejahtera. Bila gusti teguh dalam tugasnya sebag*i pemilik tanah, akan sejahtera. Bila menteri teguh dalam tugasnya seba g*i menteri, akan sejahtera. Bila masang teguh dalam tugasnya sebag*i pemasang jerat, akan sejaktera. Bila bujangga teguh dalam tugasnya sebag*i ahli pustaka, akan sejahtera. Bila tarahan teguh dalam tugasnya seba g*i penambang penyebrangan, akan sejahtera. Bila disi teguh dalam tugasnya sebag*i ahli obat dan tukang per amal, akan sejahtera. Bila rama teguh dalam tugasnya sebag*i pengasuh rakyat, akan sejakhtera. Bila raja (pra bu) teguh dalam tugasnya sebag*i raja, akan sejakhtera.

Demikian seharusnya pendeta dan raja harus teguh membina kesejahteraan didunia, maka akan sejahtera lah di utara barat dan timur, diseluruh hamparan bumi dan seluruh naungan langit, sempurnalah kehidupan seluruh umat manusia.

Address

Cirantini
Ciamis

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Halaman sunda posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share