07/03/2022
GALUR CATUR TI PAKUJAJAR
“LEUNGITNA PAJAJARAN”
Biru langitna Pajajaran ngagenclang caang,
dihias ku béntang ti peuting, muka haté ku katingtriman,
muka haté ku rasa welas,
ku silih asih, silih asuh, silih asah,
ngandung wibawa, karta jeung raharja,
di siloka ku kujang raga kusumah,
suci diri, bersih haté, ucap, pikir jeung lampah.
Jayana Pajajaran lain saukur ku kajayaan,
lain saukur ku kawibawaaan,
tapi dibarengan ku jayana karidoan haté, kaikhlasan haté,
jeung kabersihan haté.
Sanajan Pajajaran runtuh, tapi haté nu nyicingan Pajajaran tetep rido, ikhlas, sabab sadayana geus kersaning hyang widi,
sabab éta anu bakal mawa Pajajaran salilana aya di puncak kajayaan,
Raga kusumah anu bersih,
anu pinuh ku welas asih,
anu disimpen dinu haté,
anu dibuka ku pikiran,
anu kaluar dinu ucapan,
anu dijieun ku lalampahan.
Bagja jaya Pajajaran ku kaéndahan,
anu ngarti kanu harti gemah ripah loh jinawi saenyana,
jeung disanjataan ku trisula, didadasaran ku agama,
diéndah-éndah ku pangabisa,
dibéré ciri ku pangarti nu jadi wibawa Pajajaran.
Ayana Pajajaran dilingkung ku gunung Tangkuban Parahu ti beulah kidul,
dilingkung ku curug ti beulah wétan,
diwatesan ku sagara ti belah kalér,
pamuka lawang karajaan ayana ti beulah kulon,
diwatesan ku walungan Citarum.
Pajajaran leungit teu mangrupa,
ngahiang euweuh tapak,
anging haté jeung pikiran anu bersih anu bisa ningali Pajajaran anu saéstu,
sabab leungitna Pajajaran disumputkeun ti jalma-jalma
anu ngudag kakawasaan,
anu ngudag tahta,
anu teu ngarti kanu arti sajatina pamingpin,
sabab pamingpin saéstuna ngan saukur jadi babu rahayat anu daék dititah-titah ku rahayat, lain sabalikna, rahayat anu ditutah-titah ku manéhna.
Padukuhan Pakujajar, 7 Maret 2022.
Resi Ajarwangi.